DALINGDING ASIH (Cipt. Ubun R Kubarsah) | COVER KAWIH KANG ALDI | Voc. Nelsyadela Putry |
Автор: Kang Aldi Official
Загружено: 2021-06-13
Просмотров: 59651
Lagu ieu mangrupikeun buah Karya ti Seniman Besar di tatar Pasundan nyaeta Bapak Ubun R Kubarsah. Anjeuna nyanggi seeur pisan lagu sunda dina genre, kawih, tembang pon kitu oge kapasindenan. Group Kesenian Dasentra mangrupikeun tim musik Pingpinan Anjeuna tos memproduksi rekaman-rekaman lagu Sunda anu seeur pisan. Malih kapalih dieuna aya genre anyar nyaeta tembang Sunda Bandungan.
Lagu Dalingding asih mangrupikeun salah sawios karya anjeunna anu dipikameumeut ku sim kuring nalika diajar kacapi kawih laras Madenda lagu ieu janten salah sawios lagu anu janten model pembelajaranana. Ieu cover teh mangrupikeun wujud kadeudeuh kanyaah kana lagu-lagu Sunda kapungkur, anu mana dina saat ayeuna tos mulai ngawitan sakedik nu ngahaleuangkeunana.
Harepan sim kuring ku diuploadna ieu lagu mugia karya-karya pa Ubun R Kubarsah, langkung dikenal deui di Masyarakat umum. Tangtos na disagedengeun lagu-lagu Mang Koko, ternyata aya oge karya-karya seniman Sunda salah sawiosna pa Ubun R. Kubarsah anu karya na tetep abadi nyerep tur nyurup dina manah masyarakat Sunda.
Ngalangkungan ieu uploadan simkuring oge panuhun nyuhunkeun dihapunteun bilih seeur kakirangan kalepatan dina nyandakeun lagu na. Hatur nuhun kana sagala rupi pangrojong ti pamiarsa sadayana, utamina mugia pak Ubun salawasna aya dina ginulur kabagjaan kasehatan kangge teras menciptakan karya-karya baru anu milenial.
Jazakallahu Khairan Katsiron
Dalingding Asih
Cipt. Ubun R. Kubarsah
Laras : Madenda
Surupan : 4 = T
Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang... ngalangkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang
Basa kuring arek miang
Anjeun jajap ngahaleuang
Lawung patarema gandrung
Geter rasa cumarita duh kudu paanggang
Dalingding asih jati ning asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Di pengkolan pareng pisah
Ret katukang sumoreang duh...
Dalingding ngageuri diri
Sorana kantun harewos
Hawar hawar ngajauhan
Teuteup geugeut lir gugupay
Duh tembong deui gupay deui....
Vokal : Nelsyadela Putry
#kacapi
#kawih
#coverlagusunda
#bandungmusic
#kawihsunda
#mangkoko
#nano
#ubun
#viral
#direkomendasikan youtube
#lagusunda
#popsunda
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео mp4
-
Информация по загрузке: