4 KAWIH SUNDA TERBAIK MANG KOKO MATAK NINEUNG KA LEMBUR
Автор: BARAYA PASUNDAN
Загружено: 2025-12-17
Просмотров: 1703
Assalamualaikum Wr.Wb
Sampurasun!!!
Selamat datang di Chanel baraya pasundan. Hari ini kami upload video kawih terbaik Mang Koko Koswara yang bisa teman-teman dengarkan dan nikmati yah. Adapun judul-judul kawihnya:
1. Salam Manis
2. Kudu Ka Saha
3.Hanjuang di Kutamaya
4. Wengi Enjing Tepang Deui
Selamat Menonton dan Mendengarkan.......
Jangan lupa untuk terus dukung chanel ini dengan klik LIKE, SUBSCRIBE dan Aktifkan loncengnya, komen dan share yah!!! Terimakasih atas dukungannya...🙏🙏🙏
Lirik Kawih
SALAM MANIS
Ieu salam manis manis
salam kuring nya ieu pisan nu salawasna nyanding
nyaring ngahariring
Ieu salam manis manis
salam kuring nya ieu pisan nu salilana nganteng
anteng kapitineung
Datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun duh, dunungan
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
KUDU KA SAHA
Kudu kasaha urang ngumaha
Na ka indung duh na ka bapa
Kudu kasaha urang balaka
Pikeun nepikeun duka carita
Kudu kasaha urang nyalindung
Ka papayung nyalindung na ka pangagung
Kudu kasaha urang nyaluuh
Neda dijait geuning tina bangbaluh
Duh ieung tunggara teu euih-euih
Lah teu weléh nandangan peurih
Ditéangan saha nu haat nulungan
Dipaluruh dimana geusan balabuh
Kudu kasaha urang ngageri
Iwal diri duh tahan uji
Kudu kasaha urang nya muntang
Jalan utama geuning iman ka gusti
HANJUANG DI KUTAMAYA
Hanjuang di Kutamaya. Pelak pamut sumedang larang …. Jaya perkosa.
Hanjuang di kahuripan. Perlambang na hiji jangji satria anu Buméla.
Ngakar dina maha cinta siang na geus ngambah taman.
Ucapan jaya perkosa baheula di catat ku urang sunda … ayeuna.
Mun hanjuang ieu pe’rang. Ciri na paman ka sorang.
Mun hanjuang ieu hurip. Éta tanda unggul jurit
Miang nu perang. Ijeun patutunggalan.
Diurug balad sarebu . tangguh teu usik mulih.
Melang kanu perang.
Néang tangkal hanjuang.
Ngajugjug ka pancaniti . Naha bet geuning sepi.
Hanjuang di kutamaya. Tilas pamut sumedang larang … jaya perkosa.
Hanjuang dikahuripan. Mawa béja ti lalaki nu kangen kadigjaya na.
Pengkuh bari jeung satia kana lunta .. kana lara.
Ucapan jaya perkosa baheula dicateut ku urang sunda .. ayeuna.
Ku naon raja teu panggeuh. Sakitu hanjuang seger.
Ku naon raja bet cidra. Kalahka nilar nagara.
Hanjuang di kutamaya. Wangsit pamut sumedang larang .. jaya perkosa.
Hanjuang dikahuripan. Boa ukur dina tangtungan.
Kabeneran Urang ayeuna.
WENGI ÉNJING TEPANG DEUI
Wengi Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun
Diaping ku indung peuting
Lalaunan ngalayangna
Sukma ninggalkeun jasadna
Emh aduh sukma ninggalkeun jasadna
Ngalayang ka awang-awang
Rék nepangan ka nu tebih
Nepungan ka urang gunung
Malati di pinggir pasir
Kakara pisan ligarna
Kapendakna tacan lami
Katuruban dangdaunan
Kaheumpikan nagasari
Kembang diburu dirungrum
Sawengi henteu kawangi
Patapan henteu kalénglang
Raraosan mah sawarsi
Emh aduh raraosan mah sawarsi
Hawar-hawar sora hayam
Ciri parantos janari
Nu nyumput teh humarurung
Teungteuingeun milik diri
Harianeun teuing kadar
Misahkeun anu keur asih
Kembang nganggo dihalangan
Ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya di pungkur
Indit haté mah murilit
Duuuh indit hate mah murilit
Miang ge da sumoreang
Parangtritis kapiati
Aduh Enung pileuleuyan
Wengi énjing tepang deui
Duh aduh wengi énjing tepang deui
#kawihsundamangkoko
#albumterbaikkawihmangkoko
#kawihmangkokopengantartidur
#kawihmangkokosunda
#kawihmangkoko
#kawihsundaciptaanmang koko
#kawihsundabuhun
#kawihsunda
#mangkoko
#kawihsalammanis
#kawihkudukasaha
#kawihhanjuangdikutamaya
#kawihwengienjingtepangdeui
#4kawih
#terbaik
#kawihterbaik
#kawihpopuler
#kawihsedih
#kacapisunda
#alatmusiktradisional
#kawihpengantartidur
#kawihpenghilangstres
#kawihpalingmerdu
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео mp4
-
Информация по загрузке: