Karaoke/Minus One Pupuh Maskumambang 3 Rambahan (Lirik di Déskripsi) || Itu Kusir
Автор: SD Palasari Rongga
Загружено: 2025-05-30
Просмотров: 10021
Karaoke/Minus One Pupuh Maskumambang 3 Rambahan || Itu Kusir
PUPUH MASKUMAMBANG
Laras : Madenda
Surupan : 4 = Tugu
BÉBAS WIRAHMA
Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina délman
Kuda dipecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan
Teu ngaraskeun bongkéna ka sato laip
Padahal mogokna
Lantaran geus capé teuing
Hayang ngaso eureun heula
Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir
Geus tangtu karasa
Nyeri moal salah deui
Sato gé kitu sarua
TANDAK/PANAMBIH
Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi héwan
Digawékeun beurang peuting
Dirangkét taya ras-rasan
Abong kéna abdi sato
Teu ngaraskeun kanu capé
Sadidinten paéh poso
Mogok sotéh awak lungsé
Coba kusir mun dipeupeuh
Pasti nyeri karasana
Sato ogé tangtu leumpeuh
Pada-pada boga rasa
Доступные форматы для скачивания:
Скачать видео mp4
-
Информация по загрузке: